PENDEKAR KEHIDUPAN :
Wednesday, July 30, 2003

 
BANDUNG

Lamun jalan-jalan di Bandung, karasa pisan perbedaannya jeung sababaraha taun katukang, waktu awal-awal datang mimiti kuliah. Baheula kampus teh deukeut pisan jeung pusat balanja, nu disebut BIP. Jadi lamun nunggu kuliah sakapeung sok jalan-jalan kadinya. Ayeuna pusat balanja anu model kitu nambah deui, aya BSM jeung IP jeung sababaraha deui. Di Bandung geus aya ti mini market nepi ka hyper market. Neupi kaayeuna abdi mah, mung ngaliwat wungkul teu rajeun nyobaan asup.

Anu katingali beda memang dinu wawangunan, beuki jangkung jeung galede. Kaasup Mesjid Agung, Bandung, anu ayana di pusat kota, beuki alus jeung lega deuih ayeuna mah, aya menara kembar dua. Gagah pisan katingalina. Sakuliling Mesjid Agung loba pisan pusat balanja, kadangkala sora nu ngaji teh, pagede-gede jeung musik di bangunan eta, puguh deui ari sora padagang kaki lima, anu lolobana urang Padang jeung Garut, teu kudu di caritakeun gandengna. Lamun peuting sora ngaji ti menara kembar eta pagede-gede jeung musik tukang VCD atawa ti supermarket. Komo deui kunu keur di diskotik mach, nu ayana lebah wetan, sababaraha ratus meter di Mesjid, nu ngaji teu kadenge-denge acan, da pada-pada karanjingan setan. Lamun hayang nyaho, deukeut kantor pos, tah didinya tempat mangkal PSK.

Kebon kalapa, terminal anu kahot ku premanna, geus di sulap jadi pusat perbelanjaan, jadi rada caang ayeuna mah lamun sakalianeun ulin kadinya. Ayeuna anu keur sibuk di bangun nyaeta pasar baru, naek sabaraha lantai. Lamun pasar kosambi mah geus rada lila di omean. Tapi anu matak ngenes, bejana pasar-pasar eta loba muncul padagang anyar, lolobana urang Cina. Pribumi biasa ka elehkeun, da kumaha atuh kurang modal, jeung memang euweuh panyalindungan di aparat kota.

Lamun ngomongkeun balanja, anu jadi ikon Bandung nyaeta ku meuweuhna Factory Outlet, anu ngajual pakaian murah....ceunah, teuing murah timanana, da kanggo abdi mah jalmi alit, teuteup we awis, upami keudah ngagaleuh anggoan, pangaos ratusan rebu. Lamun di itung leuwih sigana ti sapuluh FO model kieu teh, galede deui. Nu matak heran katingalina pinuh wae. Teuing atuh urang mana anu balanja na, asa pimohalan, urang Cicadas mah. Tapi saha anu nyaho ketang, da urang Bandung mah (baca Sunda) resep pisan balanja, urang Sunda geus kahot, geulis-geulis jeung jago dandan. Matak loba anu kabelejog, disangka na gedean, dakatingalina gaya pisan, lamun nyaho imahna di gang anu sempit.

Matak mun di kampus, kabeneran aya lalaki urang Jawa, pasti amanat indung na teh, "Kade ulah kapincut ku urang Bandung, teu nyaah kakolot, embung di gawe jeung beuki balanja",. Hehehe..lucu pisan. Tapi teu sakabeh urang Bandung kitu, masih loba anu benerna.

Salain ti soal balanja, leuwihna Bandung nyaeta jadi kawah candradimuka, pikeun inohong-inohong anu manggung di Indonesia. Gerakan-gerakan Islam, subur di Bandung mah, kondisina kondusif, da Bandung mah loba pisan mahasiswa. Salain Islam, loba oge gerakan lain, nasionalis, oge anu rada-rada kiri. Anu keur tenar ayeuna, nyaeta AA Gym. Inohong muslim anu supel, lucu, loba pisan anu mikaresep.

Jadi lamun jalan-jalan ka Bandung, salain ti tujuan balanja, atawa ningalian mojang jeung jajaka Bandung, bisa oge jangeun jalan-jalan ruhani, jalan-jalan anu tujuanna jangeun tolabul ilmi. Insya Allah, loba pisan anu bisa di jadikeun batur diskusi, di ajar Islam aplikasi, lain anu ngawang-ngawang wungkul. Eta mah bisa ka DT atawa ka mesjid kampus, atawa anu leuwih hade, diskusi jeung aktifis-aktifis na langsung.

Wilujeng sumping ka Bandung, upami bade nganggo mobil pribadi, ulah hilap nyandak, receh sacekapna, margi di tiap lampu merah, sok aya seniman jalanan, mangga wae eta mah, upami cocok kana manah pasihan, upami heunteu, sawios. Moal nanaon...da urang Bandung mah sopan jeung balageur.
 

N. Ali Akbar/Male/26. Lives in Indonesia/west java/bandung, speaks Indonesian and English. Eye color is black. I am average looking. I am also ambitious. My interests are shorinji kempo/reading.
This is my blogchalk:
Indonesia, west java, bandung, Indonesian, English, N. Ali Akbar, Male, 26, shorinji kempo, reading.

My Feel today: The current mood of n3ndy at www.imood.com

Brown Belt WSKO (World Shorinji Kempo Organization)

"If all the trees in the earth were pens, and the sea, with seven more seas to replenish it (with ink), the Words of Allah would never end. Allah is the Almighty, the Wise" (QS Lukman : 27)

This page is powered by Blogger