NINGALI PANGAMEN BARI JALAN-JALAN DI BANDUNG

Bandung kota kembang, eta mach geus pada apal. Tapi lamun Bandung di sebut kota pengamen, nah ieu bisa jadi can pada apal. Dimana-mana loba pisan tukang ngamen. Mimiti pengamen nyaan nepi ka pengamen ka jajaden. Ti budak umur 4 tahun nepi ka aki-aki. Aya anu dekil, anu rapih, anu mahasiswa, anu buta huruf, kabeh tumplek jadi tukang ngamen. Maraneh na ngamen dina bus atawa imah ka imah. Anu paling loba pangamen di lampu merah. Pangamen anu di lampu merah bisa belasan jelema. Maranehna biasana ngamen ka angkot, jeung mobil pribadi. Aya anu sorangan aya oge anu nepi ka opat jalma. Aya anu maen gitar, maen drum leutik, penyanyi jeung anu menta duit. Lamun di pikir-pikir ngabagi hasilna kumaha, lamun ngamen lobaan kitu. Kanu model pengamen kieu, lamun keur naek angkot, sok mikir-mikir mere oge, sabab dinu hate, maranehna ngamen atawa baramaen, jeung deui kurang resep lamun aya anu penampilana rada-rada punk, komo deui bayangkeun we ngamen di lampu merah anu paling lila 2 menitan, bisa karasa kumaha. Jeung deui, ceuk kuring maranehna jadi macet keun jalan. Lamun dina bis kota mah, sok mere ka pengamen, sabab maranehna rata-rata mawakeun minimal dua atau tilu lagu, jadi wajarlah lamun, di bere barang saratus perak mah, komo deui lamun laguna cocok jeung hate, pas pisan lah.
Lamun hayang nyaho, pengamen anu rada rapih, ayana di jalan dago atawa jalan haji juanda, ieu mah aya na malem minggu, wach lamun kabeneran, bisa ningali pengamen anu gareulis, biasana mahasiswa anu loba di Bandung. Nah lamun malem minggu, ulah khilaf upami ka Bandung ka jalan dago ieu, muda-mudi Bandung mangkalna di dieu, loba pisan kafe-kafe, anu jualan jagung bakar, atawa pisang keju. Wach nikmat pisan lah, hawa Bandung anu tiis, dahar jagung manis bakar, bari ningali jajaka jeung mojang Bandung anu ngaliwat. Tapi ulah kabita kunu bobogohan, bae lah maranehna mah, ngan urang ulah siga kitu, jadi leuwih aman lamun urang jalan-jalan ti peutingna lobaan, jadi moal kabawa ku sakaba-kaba. Lamun anu pernah maca survey Kompas, pasti apal naon ari jalan dago. Lamun malem minggu ramena neupi ka subuh. Leuwih hade lamun datangna sabada Isya, atawa jam dalapanlah, supaya teu kajebak macet. Ulah salempang ku harga, masih kahontal ku pangaji rebuan perak. Memang pernah oge mayar nepi ka puluhan rebu rupiah, eta oge anu datang aya dalapan urang, dahar jagong jeung pisang keju plus kopi, nepi ka euneuk. Balikna meukeul deuih.
Tah lamun teu sedep jagong, bisa meuli kadaharan anu rada padeut, aya oge di jalan ieu, tapi teu pati loba, jadi kudu neanganna kudu rada nguliling, sate bisa meuli di Moh Tohha, atawa di Soekarno Hatta. Bubur Ayam, Surabi loba pisan lah , asal daek ngubek na. Anu sedep baso tiasa ngagaeuh di Cicaheum, aya baso anu enak, goyang Lidah namina, upami bade ngabaso mach, bari ngadangu keun pengamen nyaeta di Cicaheun Ieu, raos pisan basona. Puguh deui di barengan musik live. Upami hoyong anu rada elit tempatna, kudu lebet ka baso malang karapitan atuh, geus loba ayeuna mach counterna.
Upami jajan di tempat elit kitu, di jamin moal aya nu ngamen, saha atuh anu wantun lebet ka tempat kitu, bisa-bisa di cegat ku satpam. Upami di emut-emut, lucu oge. Mangga we emutan, tukang ngamen jalmi alit, teras anu naek angkot sareng bis kota rata-rata jalmi alit, jadi jalmi alit sareng jalmi alit saling huapan. Tah ieu raosna jalmi alit teh, najan miskin tapi masih aya ladang kanggo masihan kanu sanes. Sawios alit atawa ageungna mach, teu kedah di emut. Jalmi ageung mach, di caketan jalmi alit, sapertos tukang ngamen kitu, di jamin, curigana sareng kasieuna ageung pisan.
Pangamen geus jadi masalah sosial, jeung jadi icon lampu merah di Bandung. Simpang Dago, Samsat, perempatan IP, Pasteur, Garuda, Mohammah Toha, teuing lah pokona mah loba pisan. Kudu ati-ati wungkul ari sieun mah ulah. Komo lamun boga duit mah, terus mawa mobil sorangan, leuwih hade siapkeun receh. Jadi lamun ka pegat lampu merah, bere barang saratus mah, tapi tingali heula nu ngamenna. Kade ulah neupi ka teu di bere, kanu pikarunyaeun mah, ulah jadi jelema keked mengkene, jelema pedit. Bisi teuas hate, da urang mah kudu sadar di harta urang aya hak jelema miskin jeung anak yatim.
Lamun di tarik-tarik, ruwet masalah anu ngamen teh. Ngan pamarentah anu bersih anu bisa nuntaskeuna. Jeung mmg kudu sadar beuki loba na jelema leutik teh, sabab beuki kamarukna jelema gede, anu beuteungna sagede lapangan gasibu, malah leuwih gede deui. Jadi lamun kaparengkeun di pasihan harta langkung jeung jadi jalmi gede, mudah-mudahan teu jadi jelema anu siga gitu. Ayeuna mah, salaku jalmi alit, abdi syukur, mudah-mudahan abdi teu ngiringan dosa. Siga maranehna.