PENDEKAR KEHIDUPAN :
Tuesday, May 18, 2004

 
Jarambah

Simkuring ayeuna dumuk di kota kembang. Parantos lumayan lami, kirang langkung 10 tahunan. Teu karaos, upami di etang mah, hampir satengahna kuring hirup dumuk di kota ieu. Seueur pisan pangalaman di kota ieu, pangalaman anu ngalebarkeun pangaweruh hirup sareng kahuripan kuring. Duka iraha kuring tiasa dumuk di kota anu sanes, atawa tumetep di kota ieu, wallohu alam.

Tahun 1995 kuring ngawitan dumuk di Bandung, niatna nyiar elmu, kuring kaleresan katampi di universitas negeri, kuring ngabantun jurusan teknik. Pangalaman mimiti tiasa kenal sareng jalmi ti daerah-daerah sanes sadaya kota di Indonesia. Lumayan nimba elmu pangaweruh teh rada lami, syukur oge tiasa nungtaskeun sakola, anu upami di tingali ti awal mah karaos abot pisan.

Bandung, nyimpen memori dina emutan, anu teu tiasa leungit. Bandung kota macet upami enjing-enjing, anu seueur pasar tumpah tea, anu tegal lega na jadi kotor kulantaran janten pasar barang bubututan, anu seueur tukang ngamen, anak jalanan jeung anu sanesna.

Tapi Bandung anu nyimpen keneh someah na urang sunda, anu seueur kagiatan islami, sareng anu ngalahirkeun inohong-inohong pupuhu nagara, karaos jadi tempat anu ku kuring di pikacinta, sapalih kota kalahiran tangtosna.

Saleresna naon atuh sababna kuring tumetep keneh di Bandung? Aya naon di Bandung? Kuring rada ngemut lami ngajawab patarosan ieu. Naha? upami di emut, karaos pisan abdi teh mung nyalira di kota ieu, maksadna sanes kuring ngaleungitkeun perkawis bantosan ti kulawarga atawa rerencangan anu sanes. Tapi bener-bener karaos pisan, kumaha abdi nyobian milarian kanggo emam sadidinteun, kanggo ongkos. Lumayan pisan karaos nateh. Nembe emut abdi teh rada teu tiasa milarian artos. Mung kersana Allah akhirnya abdi ngawitan tiasa hirup. Ngawitan tiasa nyumponan bubutuh sadidinteun, mung saalit, api karaos ku kuring mah matak bungah pisan. Sykur upami emam teuing mah teu susah.

Ningali kapayunna, namina jalmi anu hoyong majeng, alim salawasna kieu. Hoyong aya kamajengan, kuring teh ngawitan mikir kapayunna. Gaduh cita-cita anu sanes. Upami standar ekonomi, numutkeun anu berlaku, dina ekonomi jalmi miskin teh waragad hirupna teu langkung ti sapuluh rebu. Upami kirang...disebatna miskin. Sareng saterasna. Upami ningali kadinya kahirupan abdi, langkung sakedik tina standar baku eta. Masih tebih kana makmur. Upami ningali hiji standar, kuring masih luhur, mung upami nganggo standar anu sanes, bisa jadi kuring kalebet jalmi miskin. Aya standar naon wae kitu? aya sabaraha deui standar. Kahiji pendidikan, kadua kasehatan, katiluna perkawis perumahan. Kumaha tach kelas kuring.

Lieur oge. Nu penting kuring ayeuna maju terus pantang mundur. I love Bandung.
 

N. Ali Akbar/Male/26. Lives in Indonesia/west java/bandung, speaks Indonesian and English. Eye color is black. I am average looking. I am also ambitious. My interests are shorinji kempo/reading.
This is my blogchalk:
Indonesia, west java, bandung, Indonesian, English, N. Ali Akbar, Male, 26, shorinji kempo, reading.

My Feel today: The current mood of n3ndy at www.imood.com

Brown Belt WSKO (World Shorinji Kempo Organization)

"If all the trees in the earth were pens, and the sea, with seven more seas to replenish it (with ink), the Words of Allah would never end. Allah is the Almighty, the Wise" (QS Lukman : 27)

This page is powered by Blogger